Biantara
Paturay Tineung
Ti Wawakil Kelas IX
Ti Wawakil Kelas IX
Assalamu ‘alaikum warohmatullohi
wabarokatuh.
Puji
sinareng sukur mangga urang sanggakeun ka hadirat Gusti Nu Maha Suci. Ku
lungsurna rahmat sareng kurnia Anjeunna, dina dinten ieu urang tiasa patepung lawung paamprok jonghok
dina acara Paturay Tineung SMP Negeri 11 Bandung.
Langkung
ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka rerencangan sakelas anu parantos
maparin kapercantenan ka sim kuring kanggo ngadugikeun kereteg ati minangka wawakil ti panata calagara anu parantos maparin kasempetan ka
sim kuring kanggo sasanggem
dina ieu acara.
Para
hadirin hormateun sim kuring.
Mungguh
ari waktos heunteu karaos nyerelekna teh. Asa kamari sim kuring saparakanca
lebet janten murid di ieu sakola. Ayeuna
tos kedah ngantunkeun deui ieu sakola. Padahal tilu taun teh sanes waktos anu
sakedap. Tilu taun sasarengan, diaping sareng dijaring ku Bapa sareng Ibu guru
didieu. Tilu taun simkuring saparakanca dipaparin rupi-rupi elmu sareng kaparigelan, pibekeleun sim
kuring saparakanca kanggo neraskeun sakola ka tingkat nu langkung luhur.
Kiwari
cunduk kana waktu, ninggang kana
mangsa urang kedah papisah. Aya kabingah sareng kasedih gumulung jadi
ngahiji. Bingahna, sim kuring saparakanca tos tiasa lulus diajar di ieu sakola.
Ari sedihna, sim kuring saparakanca kedah ngantunkeun ieu sakola.
Abotna
mah kalangkung-langkung kedah ngantunkeun ieu sakola the. Naming kumaha atuh,
da sim kuring saparakanca kedah neraskeun deui ka sakola nu langkung luhur. Ku
margi kitu, neda pidungana ka sadayana supados sim kuring saparakanca tiasa
ngahontal cita-cita sareng tiasa babakti sa lemah cai, bangsa, sareng agama.
Rumaos,
salami sim kuring saparakanca sakola di dieu, seueur pisan kalepatan. Malih
sering matak repot sareng jengkel Ibu miwah Bapa Guru. Ku kituna sim kuring
saparakanca heunteu tiasa males kana kasean Ibu miwah Bapa Guru. Mugia Alloh
maparin ganjaran anu satimpal kana kasaean Ibu miwah Bapa Guru sadayana.
Teu
hilap ka adi-adi kelas, hapunteun Akang sareng Teteh, upami salami urang sasarengan
Akang sareng Teteh seueur kalepatan, boh anu karaos boh anu heunteu karaos. Tangtos, Akang sareng
Teteh oge ngahpunteun kana kalepatan adi-adi sadayana. Dungakeun Akang sareng
Teteh, supados lungsur-lungsar dina
diajar di sakola anu langkung luhur. Kitu deui Akang sareng Teteh ngadungakeun
sangkan adi-adi tiasa langkung sae sareng pinter ti Akang sareng Teteh.
Parahadirin
hormateun sim kuring.
Seueur
panineungan endah salami sim kuring saparakanca nyuprih elmu di ieu sakola.
Panineungan anu baris tetep nganteungkeun ras sareng hate sim kuring
saparakanca, sanaos urang tos paanggang.
Rupina,
sakitu pisanggem ti sim kuring minangka wawakil ti kelas IX. Hapunten bilih aya
cariosan anu kirang merenah matak resag kana manah.
Akhirul
kalam, wabillahi taufiq wal hidayah. Wassalamu ‘alaikum warohmatullohi
wabarokatuh.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar